Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

atuh jag lantung nêpi ka tengah Kota Nagara
cunduk di alun-alun
mênêr di pamengkang
mentog ka karaton
dongkap ka lêbêting datulaya
kasondong kasampak aya
kangjêng raja nuju lênggah di paseban
tuluy dideuheusan
"hatur pangapunten, nun”
"tatamu jauh baraya anggang
tali bilik paseuk lincar
geura aku kaituh”
atuh jol Dipati Layung Kumendung kaluar
seblak ningali ka ki Semah
tuluy sini calik
parantos calik dipanksa
"nun tatamu jauh baraya anggang
ti mana? bade angkat ka mana?
naon anu disêja”
"nun, abdi ti Kuta Pandak
nami Raden Patih Geger Malela
numawi jauh-jauh dijugjug
anggang-anggang diteang
sanes andeung-andeung tamba keueung

alang-alang kumapalang
cek wiwilangan
tek milu ngarungrung sataun
bubujang dalapan bulan
rek neundeun tineung mêlak bêtah
basana ngalamar
ka tuang saderek, Agan Sumur Agung
kitu manawi ditampi”
”oh, rayi
ari kitu aturanana mah
akang mah ka dieu dieu ge darma sambung du’a
darma ngajalankeun
hal kitu jeung kieuna mah
kumaha jinisna bae
leuwih hade tepungan ku anjeun

83