Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngabêrung mah lir kuda mabur
lêpas batan babalapan sugan

jauhna mah urang cundukkeun
anggang urang datangkeun
jag lantung
geus nêpi yen ka nagarana Kuta Pandak
cat unggah gek calik
teu lami jêbul tuang saderek anu istri
Agan Sekar Malela
”akang kumaha hasil pamaksudan
atanapi hênteu, kang?”
”wah, nyai bênêr ari beja sok bejer!
majahkeun yen Sumur Agung
geulis kawanti-wanti endah taya bangsana
akang mah ai gok teh
disidik-sodik nya demplu nya kembu
nya dekok nya nongnong
kajeun teu gablêg pamajikan
akang mah, lis
era nyangigirkeunana disanghareupkeunana
ngan saênggoning kitu
baring supagi lamun ditikahkeun
ka deungeun-deungeun boh ka saha bae
akang sêja boga panadaran cacarekan
rek nyambungan ku peureup beunang ngamuludkeun, nyai”

katunda urang nagara Kuta Pandak
geuning ngeng kareungeu ray karasa
ka nagara Kadu Pandak
anu jadi raja di Kadu Pandak

Raden Pati Kidung Lumayung
kagungan hiji mojang atanapi tuang sederek istri
jenengan Agan Candrawati
saur tuang saderek Agan Candrawati
”lis, ka dieu nyai!”
teu lami jebul ngadeuheus ka payuneun raka
”kang, kapandang naon?”
”eh, nyai

86