Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

akang jadi raja di kadu pandak
can boga prameswari
masih kokoro teu boga bojo

malarat teu boga papatih goah
kekere ku awewe
hirup diajar tikoro kotokkeun
careham hayameun
teu gablêg akang, pamajikan-pamajikan acan
tapi ayeuna akang boga dedengean
sêlêwing kabawa angin sêlêntang kabawa beja
yen di Kuta Tandingan
nu geulis punjul ti deungeun
Agan Sumur Agung
saderek kangjeng raja Dipati Layung Kumendung
ku akang dek dilamar
dek neangan piaceukeun nyai
du'akeun, lis!”
”mangga, akang
salamêt tilar salamêt kêlar
parêng nêmu kana rahayu
ulah nyorang pancabaya”

basikut dangdan Raden Pati Kidang Lumayung
teu dicarioskeun dangdanna
mangkat bae ngajugjug ka nagara Kuta Tandingan
baris ngalamar tea

lugayna mah tina pangligaran
gingsir tina pangcalikan, sugan
menak ludeung ku paneunggeul
leberna mah ku wawanen
menak daek ku pangadek
dolog ku cacabok
geus kaluar ti Kota Nagara
mangkatna teh

nyorang leuweung sakeukeudeung
nyorang lebak sabengbatan, sugan
eh, sabengbatan, geuning

87