Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ka mana jugjug purunna
ka mana dungkap datangna

undurna mah satalanjung jauh
angkat saparentang anggang, sugan
atuh jag lantung
nepi ka tengah Kotà Nagara, geuning
Kuta Tandingan

cunduk di alun-alun
ngadeuheus ka paseban
mênêr ka lebah pamengkang
mentog di lebah karaton
dongkap ka salebeting datulaya
kasondong kasampak aya

kangjêng raja nuju lênggah di paseban
tuluy dideuheusan
”hatur pangapuntên, nun!”
”tatamu jauh baraya anggang
tali bilik paseuk lincar
geura aku!”
atuh jol Dipati Layung Kumendung kaluar
seblak ningali ka tatamu tuluy sina calik
parantos calik dipariksa
”nun, tatamu jauh baraya anggang
ti mana bade angkat ka mana
naon nu disêja?”
”nun, abdi ti kadu pandak
Raden Pati Kidang Lumayung
mana jauh-jauh dijugjug anggang-anggang diteang
sarehna sanes andeung-andeung tamba keueung
alang-alang kumapalang
carek wiwilanganana
rek milu ngarungrung sataun
bubujang dalapan bulan
dek neundeun tineung mêlak bêtah
basana ngalamar
ka tuang saderek Agan Sumur Agung
kitu nya maksud manawi ditampi”

88