Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

”eh, rayi!
ari kitu aturanana mah
akang mah ka dieu dieu ge darma sambung du'a

darma ngajalankeun
hal kitu jeung kieuna mah
kumaha jinisna bae
leuwih hade têpungan ku anjeun
keur neupa di kaputren
Lengser!”
”kulan!”
”ka dieu!”
atuh jol Lengser
ngadeuheus ka payuneun kangjeng raja
”gusti kapandang naon?”
geus jebul deui, tah
”eh, Lengser!
urang nagara Kadu Pandak
Kidang Lumayung
maksud deuk ngalamar deui bae
anteur kaituh!
kumaha nu tadi teh Lengser?”
”ngaber, gan! duanana, nun”
”keun sugan ieu, hayang nyaho!”
”mangga atuh, gan!”
”hayu, cen!”
mangkat Raden Pati Kidang Lumayung
diiring ku Lengser
buat ngadeuheus ka kaputren
mêndakan putri tea

lugay tina pangligaran
gingsir tina pangcalikan
burubul saalung baju
barabat sawidak lima

jauh urang cundukkeun
anggang urang datangkeun
jag lantung geus nepi ka tempat nu geulis
di kaputren Bale Bubut

89