manawi ditampi baris ngalamar
kitu nya maksud”
”akang mangga, abdi mangga
moal aya basa nampik
tanapi teu nampa
nya pasrah nya lilah
upami kacumponan pamenta abdi
pamenta sanes dunya barana harta banda
saha-saha nu sanggup tapa
lamina tujuh taun
di handapeun tangkal kai
jingkang dopang malang
mangga
upami akang sanggup
nyumponan pamenta abdi, kang
tapi di handapeun kai kiara jingkang dopang malang”
”oh, nyai
nya bade disanggupan bae
baris akang ngalakonan tapa di handapeun tangkal kai
kiara jingkang dopang malang”
”nun, engkang ditampi eta panglamar”
”atuh tina kituna
undur katingali punduk
dungkap katingali tarang
pamit mulang”
”mangga, akang”
mulang geuning ka nagarana
Dayeuh Manggung Masanggrahan Wetan
buat nyarios ka rama ibu
Raden Pati Kuda Pamekas teh
geuning bral mangkat
lugay tina pangligaran
gingsir tina pangcalikan, geuning
geus kaluar ti Kota Nagara
nyorang leuweung sakeukeudeung
nyorang lebak sabengbatan
ka mana jugjug purunna
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/97
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
96