Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

hariring mantri nu ginding
sora milawung kancana
daweung ngabudi dayeuh
ti katuhu tanding ratu
ti kenca tanding dewata
tungkul satarimbang sêmu
tanggah satarimbah sêmbah

geus kaluar ti Kota Nagara
mangkatna teh raden
nyorang leuweung sakeukeudeung
nyorang lebak sabengbatan
ka mana jugjug purunna
ka mana dungkap nêpina
ka mana sumping dampingna
undur satalanjung jauh
angkat saparentang anggang
jauh urang cundukkeun

anggang urang datangkeun
atuh jag lantung
nu kasep Kuda Pamekas sumping
kana tempat handapeun tangkal kai
kiara jingkang dopang malang
atuh tina kituna
gedebug menak tapa
tapakur mujasamedi
neda-neda ka nu kawasa
nyepi diri nutup aji pancadria
panca lima
dria angen-angen
sanyatana
pangrungu, paningal
pangambung, palemek, pangrasa
rep sidakep sinuku tunggal
madep ka kersaning nu kawasa, geuning

ana seug, geuning
diteundeun dina handeuleum sieum

98