Lompat ke isi

Kaca:De ballade „Njai Soemoer Bandoeng”.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
82
 

⁠Barang ti dinja boedal ti Padjadjaran, koe ratoe dikersakeun mapag sadajana.

⁠Ari soemping ka wates, geus pasondong djeung noe dipapagkeun, ladjeng ka Padjadjaran.

⁠Katjarios Koeda Pati Langen Sari njanggakeun saderekna Njai Soemoer Bandoeng sareng kairid ponggawa lima. Hidji Pati Gangsa Wajang, kadoea Pati Rangga Wajang, katiloe Gadjah Hambalang, kaopat Badak Hambalang, kalima Gadjah Waringin.

⁠Geus katarima koe ratoe Pakoean, menak oerang Padjadjaran sarta ladjeng nikah Praboe Gantangan ka Njai Soemoer Bandoeng. Liwat langkoeng ramena teu kinten-kinten sarta tetep di Padjadjaran djoemeneng ratoe praboe.