Ieu kaca geus diuji baca
138
- geulis ti nitis ngadjadi,
- djalma lendjang ti pangpangna,
- geulis datang ka ngalahir,
- teroes ka langit pingpitoe,
- parat ka tjongkar boeana,
- komara mantjoer ka langit.
III
Tjek Poerba rarang: „geugeulisanan, Poerba sari, bakal ngalindih ka aing, tjing, sia mangka deukeut, sia daek diboborehan."
,,Koemaha pangersakeun, si-teteh."
- Loedak-ledok diborehan,
- lain teu woeni boboreh,
- dipoelasan keler tahoen,
- noe geulis ngadadak goreng,
- hideung batan wadah teuleum,
- bangbang awak batan gagak,
- ngan sorotna henteu leungit,
- sasemoe keneh djeung amboe;
- pakean djiga kiramaj,
- karembong sabaroeboetan,
- salindang sariga rambang;
- dibahan boboko boentoeng,
- dibahan tjetjempeh rombeng,
- dibahanan koedjang boentoeng,
- bawaeun linggih ka goenoeng.
IV
,,Adi, sia hajang hiroep ta henteu ?" tween ing ,,Teteh, teu kangkat, teu ngalalangkoengan ngapapalangan. Mana hiroep koe Goestina, mana waras koe Sang Widi, waloeja ti kawasana, teu beunang dipake kahajang kaemboeng; sing hade kari koemaha pangersakeun djeneng si-teteh."
,,Lamoen sia hajang awet hiroep, di ditoe pienggoneun sia, di Goenoeng Tjoepoe mandala ajoe, mandala kasawiatan di hoeloe dajeuh,
- dina paloepoeh sabebek,
- dina hateup sadjadjalon,
- dina tjai teu inoemeun,
- dina aplaj teu tilaseun,
- dina djalan teu sorangeun,
- sakitoe kasaramoenan."