Ieu kaca geus diuji baca
- 193
Keur meudjeuhna ngeureunan palaj.
Tjag:
- teundeun di handeuleum sieun,
- toenda di handjoeang siang,
- paranti njokot ninggalkeun.
XXXI.
- Tjatoerkeun di pipir goenoeng.
- Reup peuting, Loetoeng inget ka sirepna; diaos ditioepkeun ka Poerba sari;
lenggoet noendoetan.
- ,.Oetoen, tjoeang sare djeung si-teteh.
- „Soehoenan pamadjikan, loetoeng mah tara sare djeung djelema, bisi geu-
leuheun.”
- „Arina kitoe, si-teteh bae, rek sare dina kasoer toedjoeh toempang, da geus
boga padaleman.”
- ,Dingin pinasti awak ing anjar kapanggih, rek ladjoe ka Soenan amboe, rek.
loenta ka toeang rama, ka amboe neda pitoeah, ka rama neda papatah.’
- Meungpeung sare, gedogkeun raksoekanana, braj baranang sariga bentang,
djiga kilat eukeur datang kakasepan Goeroe Minda Kahjangan.
- Sok raksoekan ditoenda dina nagasari dampit dina poepoengkoeran. Djeng-
kekeun amboe soekoe ti katoehoe, timbang koe ti kentja, ngadeudeul bagal boeana.
- Parapas sewoeng:
- Goeroe Minda Kahjangan,
- anak dewata tjikalna,
- titisan Goeroe Hjang Toenggal,
- seuweu Batara di langit,
- kandegan Loetoeng kasaroeng,
- ngalimbang-limboeng di manggoeng,
- parapas ka mega bodas,
- koelinting ka mega miring,
- dangdeungna ka mega hideung,
- patapaän anoe neuleum,
- lain saneuleum-neuleumna,
- moen djadi paneuleum ratoe,
- djadi kasoegihanana,
- henteu mah euweuheun teuing,
- tjoendoek kana mega noenggoel,
- datang kana mega halang,
- datang kana mega kajas,
- patapaän,boenga beureum,’
- Parapas sewoeng: