Ieu kaca geus diuji baca
194
- mangka estoe pangbeureumna,
- lain sabeureum-beureumna,
- lamoen peuting bisa njoengging,
- lamoen poëk bisa njongket,
- tjaäng boelan bisa njoelam.
- ari tjeukreum boes noe neuleum,
- ari tjangra njangkoedoean,
- djadi kasoegihanana,
- henteu mah euweuheun teuing,
- soemping kana ,asih leungging,’
- patapaän indoeng beurang,
- lain saindoeng-indoengna,
- moen estoe noeloeng ngadjoeroe,
- mangka datang ka noe pasti,
- djadi kasoegihanana,
- henteu mah euweuheun teuing,
- mana datang ka noe pasti,
- tjoendoek kana ,asih lagoe,’
- patapaän djoeroe pantoen,
- mangka estoe pangmantoena,
- djadi pangmantoen sangratoe,
- pangandika Goeroe Minda,
- moen ampoeh Loetoeng kasaroeng,
- djadi kasoegihanana,
- henteu mah euweuheun teuing,
- tjat tihangna kaloehoerkeun,
- ka angin sada karinding,
- ka hoedjan sada galendang,
- kana goegoer sada angkloeng,
- kana gelap tarawangsa,
- awak ampoeh tanding kapoek,
- hampang kapas tanding koembang,
- awak sarwa djeung noe lemboet,
- saraga reudjeung dewata,
- awak leuleus tanding haseup,
- awak sarwa djeung noe lemboet,
- tjat ka wewengkon pohatji,
- Nji Pohatji anta maja,
- Nji Pohatji anta boekti,
- Pohatji sang seda tapa,
Si-Oetoen eureun sakeudeung:
- njoreang-njoreang tatjan,