.......” ana keur leumpang sorangan, lebah handapeun tangkal kelewih sisi balong aya nu ngabelegbeg bodas. Tetela jurig ....... jurig ...... tetela pisan.......” pokna.
Umumna ari santri mah sok borangan. Da harita oge barang tamat Mang Udin nyarita, santri-santri teh tingrarengkol disarimbut. Malah loba nu teu wani sare sorangan dina tempatna. Milu jeung baturna kajeun pasedek-sedek. Kuring ge, mun teu inget Si Atok keur budug mah, kana nangkod ka Si Atok sare teh.
Geus sarimpe kadenge Si Usup jeung Si Umar daratang. Si Umar pindah sarena oge ka tempat Si Usup (teu jauh ti tempat kuring). Kuring ge curiga, barang ngadenge eta dua umat tingcikikik saleuseurian teh.
Aya kabeneran. Isukan, kuring keur aya di dapur bumi Ajengan, katenjo aya Si Umar jeung Si Usup ngadeuheusan ka Ajengan. Kadenge Si Umar nyarita, yen peuting tadi manehna tas nyingsieunan Mang Udin make mukena Nyi Juariah. Panjang nyaritana da make nyutat kasauran Ajengan sagala rupa, perkara sakabeh syetan jeung jurig dicangkalak tea dina bulan Puasa mah. Kadenge Ajengan nyakakak gumujeng.
Barang keur ngaji, Mang Udin kelak perkara aya jurig Na atuh ari gantawang teh Mang Udin dicarekan, ” ........... Udin ..... anta teh murid ana nu pangkolotna. Naha anta teu percaya, yen dina bulan Puasa mah moal aya jurig ........?”
Panjang nyeuseulan Ajengan teh, malah make mamawa kana ajian sagala rupa.
Lamun Mang Udin keur euweuh, soal lulucon eta teh sok jadi bahan eak-eakan. Ku Si Atok saterusna Mang Udin teh dilandi ”jurig teu dicalana”. Teu galak teuing ti harita mah eta murid kadeuheus Ajengan teh.