PANGHULU
Sakali deui kuring ngingetan, yen basa jaman masantren, yen kuring budak keneh pisan. Sakali deui kuring meupeujeuhkeun, sangkan jalan pikiran kuring harita, ulah diukur ku jalan pikiran ayeuna. Ari sababna, pikeun kuring sorangan, naon nu harita jaman pasantren disebut ”mutlak bener”, ku ukuran pikiran ayeuna mah ku kuring sorangan diseungseurikeun. Sanajan enya, nycungseurikeun teh lain ngewa ku polah sorangan, tapi........... lucu ku polah jeung jalan pikiran harita.
Perlu kuring ngingetan sababaraha kali soal ieu, sabab lamun teu kieu, tangtu dina carita-carita kuring ieu bakal loba nu disebut jijieunan atawa karangan wungkul.
Saperti dina lebah kuring kudu nyaritakeun, naon sababna pang kuring boga cita-cita hayang jadi panghulu. Poma ulah disebut bolongkotan beunang ngarang, lamunna henteu saluyu jeung akal urang ayeuna.
Ku kituna mah teu kudu heran. Saperti cek kuring tadi, deui kahayang hiji-hiji manusa teh gede dipangaruhanana ku kaayaan lingkungan, anu ku basa deungeun disebut ”millieu”. Demi kuring, ti umur tilu taun cicing teh di aki, hiji sarat kaom. Ari dunungan Eyang teh nya eta Jurangan Panghulu. Puguh, pikeun Eyang kuring mah taya deui pangkat nu pangluhurna iwal ti panghulu. Atuh kuring nyaksian deuih, kumaha ”terhormatna ari panghulu di kampung. Pikeun nu hahajatan di kampung mah panghulu teh leuwih penting batan camat. Berekat sok pangmuneina, gaganting sok panggedena. Atuh lamun Juragan Panghulu sumping ka majlis, pohara dipiserabna. Lamun ka bumi Eyang aya Juragan Panghulu, kuring tara pisan meunang ka hareup. Sedeng kapan lamun aya semah biasa mah kuring sok diantep najan lelendehan ka Eyang oge. Dalah lamun aya nu keur dikawinkeun ku Eyang pisan, kuring tara digeureuh-geureuh najan dadapangan deukeut panganten oge. Tah, ti harita kuring boga anggapan, yen pangkat anu pangluhurna jeung pangterhormatna panghulu teh.
Atuh terus katumbu ku meunang ajaran pasantren, cenah,