Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

HUTANG

Basa Nabi Muhammad mayunan sakaratilmaut, anjeunna kungsi mariksa ka para sahabat, boh bisi anjeunna kagungan sambetan. Dawuhanana: ”Memeh maot kula hayang mayaran heula hutang, sabab geus di acherat mah moal aya kasempetan pikeun mayar hutang.” Harita kungsi aya hiji sahabat anu nangtung, sarta ngunjukkeun, yen anjeunna kagungan sambetan tilu dirham. Harita keneh ku Nabi dibayar. Kitu cek dongeng ajengan dina pangajaran tarich. Tah lalakon Nabi dina sakaratilmaut teh dijalankeun ku Si Usup, basa........ cek sareatna .......... keur nyanghareupan malakalmaut.

Geus nincak ka dalapan poe geringna Si Usup teh cek Juragan Mantri kilinik mah, henteu payah-payah teuing. Ukur malaria biasa. Tapi duka Juragan kilinik nu salah, duka Si Usup nu cengeng, da ari nilik nu geringna mah bet kacida ripuhna. Ngalempreh teu usik teu malik. Eta bae da salat oge geus ku giler panon wungkul, bari katenjo kunyemna. Sarena geus dipindahkeun ka nu rada nenggang. Atuh saban peuting sok diriung-riung dipangngajikeun Yasin. Da kitu kahayangna. Jeung da nepi ka ayeuna oge kuring mah kitu. Mun keur gering dipangmacakeun Yasin teh sok asa reugreug. Sok asa ”ludeung” mun kudu maot teh. Ajengan ku anjeun geus sababaraha peuting sok ngadoa hareupeun nu gering. Atuh di kobong geus tara recok. Keueung, asa sahos-hoseun pisan tuda Si Usup harita teh. Ngomongna geus haharewosan, geus haroshos sorana oge malah.

Beuki reuwas sarerea oge, basa dina hiji peuting bada Isa sarerea keur ngariung. Si Usup awakna nyebret panas. Ku kuring tarangna dikompres ku cai haneut make jeruk mipis jeung bawang. Beunang ngahaja mangnyieunkeun Nyi Halimah tadi memeh magrib. Ajengan lungsur ti tajug teh ka kobong heula ngalayad nu gering.

Tah ari geus ngariung kitu, Si Usup maksakeun diuk. Sanajan ku Ajengan dihulag oge, manehna keukeuh maksakeun maneh. Nyanda kana bantal nu geus lepet. Sanggeus manehna ngusap beungeut tilu kali jeung ngucapkeun ”lahaola walakuwwata ...............”

106