Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Atok jadi hiji kabungahan anu pohara gedena. Geus kadenge omonganana ka batur, pajah teh lamun Aden geus jadi panghulu, ana moal hese jadi merebot. Da ngan nepi ka dinya kahayang Si Atok mah. Pokna, jadi merebot mah bakal jadi jalma pangkawasana kana ”bedug” moal nepi ka hese lamun hayang ngadulag.

Si Aceng mah gagabah. Make aya omongna: Ana mah hayang dikawinkeun ku anta (ka kuring). Lamun anta can jadi panghulu, ana mah moal kawin.

”Hadena” Si Aceng teh maot basa jaman revolusi, keur jadi tentara Hisbullah. Di Bodogol (Ciparay) maotna oge. Taksiran lamun teu maot, karunya moal kawin-kawin saumur hirupna. Sabab kapan nepi ka ayeuna oge, kuring teh teu kungsi jadi modin-modin acan.

105