Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

AJENGAN

Panungtungan kuring papanggih jeung Ajengan teh can lila, kakara dua taun ka tukang.

Hadena kareret. Da mani ngagentak kuring nitah eureun ka supir teh.

Sakitu geus mangtaun-taun teu papanggih, tapi kuring teu pangling meueus-meueus acan ka aki-aki nu leumpang di sisi jalan, ditarumpah, kundang iteuk waregu.

Geus rada jauh kaliwatna basa mobil reg eureun teh. Buru-buru kuring turun, berebet lumpat.

Memeh terangeun saha-sahana, kuring nyolongkrong munjungan, nyium pananganana, kawas baheula jaman di pasantren. Da mani jiga nu ngabelelkeun soca atuh melongna teh, nyidikkeun kuring. Tangtu ari lalieun mah, ari sababna jaman di pasantren mah kuring teh lembut keneh naker. Ari ayeuna geus jalugdug jangkung.

"Ke.......... ke........ saha tea ieu teh?" saurna.

Ku kuring disebutkeun ngaran kuring, tapi keukeuh bangun teu emuteun keneh.

"Abdi teh kantos masantren kapungkur jaman Jepang di Ajengan teh ........". Can oge tamat kuring nerangkeun, anjeunna nempas manten, "Lailaha ilallah, ieu teh Aden? Yaktos Aden? Masya Allah, hapunten Aden, hapunten. Mama teh kalinglap, ma'lum geus kolot. Masya Allah, sareng atuda kapungkur mah Aden teh alit keneh pisan. Ari ayeuna... Ke di mana ayeuna Aden teh? Kana naon nyepeng damel, parantos sabaraha hiji nya putra?"

Ku kuring atuh didongengkeun kaayaan kuring, demi Ajengan sabot kuring nyarita teh damelna ngan kekecrek jeung masya allah, alhamdulillah bae.

Sanggeus kuring eureun nyarita, Ajengan nyaurkeun kaayaanana ku anjeun. Saurna, ayeuna mah geus teu kagungan

15