Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

genep puluh poe teu make tapakur".

Heureuyna, cek saliwat mah sok kawas kaleuwihan, tapi mun dilenyepan henteu kaluar tina ajaran agama. Malah sok ngandung siloka jeung pangajaran.

Teu beda jeung heureuyna Kangjeng Nabi Muhammad s.a.w. Dina hiji waktu aya nini-nini ceurik balilihan, pedah dawuhan Nabi, nini-nini mah moal aya di sawarga Nini-nini teh midangdam, da rasana tangtu najan kumaha bae oge manehna moal bisa ka sawarga.

Ningali nu midangdam kitu. Nabi imut bari saurna, "Teu kudu ceurik, sabab najan di dunyana geus nini-nini oge, ari geus jadi ahli sawarga mah ngora deui ........." Kakara, repeh nini-nini teh.

Kitu Ajengan oge ari heureuy teh.

Cawokah ari ngajar teh. Beh dieu, kungsi kuring manggih guru-besar cawokah. Prof. Mr. Dr. Hazairin di Fakultas Hukum. Lamun mere conto-conto ngahaja milih conto-conto cawokah. Pokna, "Ku conto-conto nu karitu, mahasiswa teh sok teu babari pohona".

Kitu Ajengan bareto oge. Sarua jeung Hazairin. Padahal, Hazairin mah propesor nu rimbil ku gelar, demi Ajengan, ngambeu sakola ge ngan nepi ka kelas dua di sakolah desa bejana.

Sacara manusa biasa, Ajengan teh rea oge kasalahanana, saperti nu di hareup bakal kapanggih. Saurna oge, "Ana mah manusa, tempatna salah jeung poho".

Hanjakal tadi ku kuring teu kareret mastakana. Da bareto mah, tara henteu lenang. Saurna, "Sirah gundul teh sunat Nabi".

Muga-muga, mun kuring di dieu nyaritakeun Ajengan. boh hadena boh gorengna, moal matak kasibat, malah nambahan rahmat boh keur kuring, boh keur nu macana. Amin.

17