IBU AJENGAN
Saur Ajengan, basa pasanggrok di jalan tea, Ibu Ajengan teh ayeuna mah geus rerempo. Geus satengah pikun, jeung teu damangan.
Kaharti ku kituna tea mah. Ari sababna, lain geus sepuh-sepuh teuing Ibu Ajengan teh, tapi da ti bareto oge teu pati sehat. Meus-meus teu damang, meus-meus teu damang.
Katurug-turug tangtuna oge kaleleban ku Nyi Halimah, putrana nu nunggal tea, nu geus mangtaun-taun teu aya beja-bejana acan.
Demi ka Nyi Halimah, najan bareto geus lanjang oge, da alah batan ka orok beureum atuh. Teu sirikna diaais lamun Nyi Halimah rada rieut meueusan oge.
Hiji-hijina Ibu Ajengan di pasantren kuring teh. Teu dua, teu tilu. Ngan eta-etana, indung Nyi Halimah eta. Maksud teh Ajengan teu kungsi ngawayuh, kawas umumna ajengan-ajengan di kampung.
Demi Ibu Ajengan, pohara nyaaheunana ka kuring teh. Eta meureun, pedah bejana kungsi kagungan putra lalaki (lanceukna Nyi Halimah), henteu panjang umurna. Cek beja, mun aya keneh teh, sapantar pisan jeung kuring. Maotna keur umur salapan taun, titeuleum di walungan. Keur biasa bae milu kokojayan jeung santri-santri. Kanyahoan-kanyahoan, geus nepi ka pondok, jen si Ujang putra Ajengan euweuh. Ditareang deui, ari kasampak geus teu nyawaan, nyangsang dina batu handapeun sasak gantung.
Duka teuing enya henteuna mah. Ngan cek Ibu Ajengan sarimbag jeung kuring "Kasep" (hm), cenah. Kitu cek "sakaol". pang Ibu Ajengan pohara nyaaheunana ka kuring teh.
Ari ceuk sakaol deui, cenah geus aya gerentesna hayang mulung minantu. Masya Allah, padahal harita kuring teh budak keneh naker.
Tapi ari nurutkeun timbangan kuring pribadi mah, taya