lian iwal ti pedah kuring datang ka pasantren teh dianteurkeun ku kolot, saperti nu di hareup ku kuring baris dicaritakeun. Sedeng ngan kuring-kuringna nu masantren dianteurkeun ku kolot teh. Demi Ajengan jeung ibu Ajengan beunang disebutkeun serabeun ku kolot kuring teh, pangpangna mah ku aki kuring.
Jadi kasarna mah meureun kuring di pasantren teh dianggap "pangmenakna.". "Aden" disarebut ku sarerea oge.
Kungsi Ibu Ajengan teh mundut, sangkan kuring ulah nyangu sorangan. Kungsi meunang sababaraha bulan "indekos" di Ajengan kitu teh. Tapi sanggeus kuring nyobat jeung si Atok mah, sok nyangu sorangan. Kecapna wungkul saenyana mah nyangu sorangan teh, da ari saenyana mah dipangnyangukeun ku si Atok. Minangka muruhanana, si Atok daharna jadi tanggungan kuring.
Teu pati seueur saur, Ibu Ajengan teh. Tapi lamun geus ngagambreng tara beak ku dua poe. Geus aya dua tiluna santri nu balik lantaran dibenduan ku Ibu Ajengan.
Sok ngawuruk Ibu Ajengan oge. Ka barudak awewe nu ngaradon ngaji ka pasantren. Awewe urang kampung eta bae. Da euweuh ari pondok nu husus keur barudak awewe mah di pasantren teh.
Demi ngarajina mah ngahiji jeung santri-santri, ngan dihalangan ku reregan. Tempat ngaji barudak awewe disebutna pangwedonan. Haram lalaki asup ka dinya, iwal lamun pangwedonan teh keur kosong taya jalmaan.
Nyi Djuriah oge sok di dinya ngajina teh. Diukna matuh deukeut tihang, pangdeukeutna kana reregan. Malah sok kaciri ngelemeng tina reregan, cindung konengna.
Ibu Ajengan ngawurukna leuwih ayem batan Ajengan. Ari Ajengan mah sok sentak sengor. Demi nyentakna matak kadenge ka mana-mana. Ibu Ajengan mah tara sesentak. Ngan sok nyepret. Ku nyere. Nyaho soteh, pedah kuring sok rajeun noong tina reregan, mun kabeneran nu ngawuruk keur meleng.
Mun rengse ngawuruk, Ibu Ajengan sok ngagelendut ka barudak awewe teh. Kadenge keneh nepi ka ayeuna oge,