Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sauranana nu baku ............... "Awewe mah kudu leuwih kandel tauhidna ka Pangeran. Ari sababna, lamun awewe kurang kandel tauhidna, mustahil boga turunan nu leket ibadah. Sabab dina hiji rumah tangga, indung nu pangdeukeutna ka budak teh. Lalaki mah ngan saliwat-saliwat". Bisa jadi, henteu ngaleunjeur kitu kecap-kecapna mah, tapi kitu lah maksud kasauran Ibu Ajengan nu baku teh. Beh dieu, remen kuring maca buku pangaweruh. Teu beda meucus-meucus acan bahasan bab hubungan wanita jeung kulawarga mah, ti kasauran Ibu Ajengan nu baku tea.

Terus deuih saurna nu baku: ............... "Dawuhan Nabi, ari sawarga teh ayana dina dampal sampean indung. Sedeng ari indung teh kapan awewe". Ti dinya terus Ibu Ajengan teh ngadongengkeun mustika-mustika istri tina tareh Nabi. Saperti Siti Chodijah, Siti Aisyah, Siti Fatimah. Eusina piwuruk Ibu Ajengan ka barudak awewe lamun keur kitu, henteu leuwih cetek najan dibandingkeun jeung pidato-pidato pamingpin dina keur mieling pahlawan-pahlawan wanita. Maksud teh di kota. Sedeng kuring terang pisan, yen pidato-pidato pamingpin di kota mah meunang maca tina buku, sedeng ari piwuruk Ibu Ajengan mah umumna nul jorojoy tina sanubarina pribadi.

Ka nu geus baroga salaki, biasa naker Ibu Ajengan teh, "Yeuh, mangka aringet, kawajiban awewe teh kudu sumujud ka nu jadi salaki. Joledar ka salaki, hukumna sarua jeung joledar ka indung-bapa. Doraka dunya aherat. Jaga teh di naraka waelul-moal di mana deui tempatna nu kitu mah."

Bayuhyuh Ibu Ajengan teh. Tapi najan geus rada sepuh katembong ngelemeng tegepna keur anom. Ku kituna tea mah, teu kudu jauh-jauh. Tempo bae Nyi Halimah, kapan sakitu mencenitna. Sedeng cek urang kampung eta, Nyi Halimah teh teu dipiceun sasieur jiga Ibu Ajengan keur anom.

Basa ieu carita keur dijieun, Ibu Ajengan teh geus pupus. Di rumah sakit bejana pupusna oge, Kaserang panyakit jantung.

Robbana, mugi ditampi iman Islamna, mugi dicaangkeun kuburna.

20