MASANTREN
Muji sukur ka Nu Maha Kawasa nu marengkeun kuring masantren, nganuhunkeun ka si Unung — batur kuring — nu ngabibita nepi ka kuring terus masantren; nganuhunkeun ka indung-bapa nu jadi marga lantaran kuring masantren. Najan teu lila, ukur dua taun.
Perlu kuring nganuhunkeun jeung muji sukur saperti di luhur, sabab kuring ayeuna ngarasa pohara untungna pedah dina sajarah hirup, kuring kungsi ngalaman masantren.
Karasa rea gunana dina hirup saterusna, jeung boga dongengkeuneun, carita-carita nu henteu rea barudak kota mah ngalaman kahirupan kitu.
Rek balaka bae. Bareto mah kuring sok ngarasa era lamun aya nu nyahoeun, yen kuring urut santri pasantren. Sok dipungkir malah sakapeung mah. Beh dieu, beh dieu mah sok jadi agul malah, mun aya nu terangeun teh. Agul teh, pedah ngarasa boga pangalaman hirup nu aya leuwihna (atawa bedana) ti barudak-barudak kota nu lumrah.
Ari kanyaho tea mah da teu sabaraha nambahanana. Ngan dua tahun atuh dina kituna mah. Sedeng rea nu welasan taun kapan ari mukim di pasantren teh.
Basa mimiti Walan da eleh ku Jepang, sakola-sakola teh ditutup. Barudak ngalanggur cicing di imah.
Si Unung batu kuring sabangku di sakola, milu jeung lanceukna masantren di P. Ari balik ka lembur rame ngadongeng. Pokna, ngaji di pasantren mah leuwih gancang batan ngaji di Ajengan Enoh di lembur. (Jeung si Unung kuring babarengan ngaji deuih di Ajengan Enoh). Disamaraan sawareh bangunna ari dongengna mah.
Ti harita jorojoyna hate hayang masantren teh. Beuki keyeng karep kana masantren teh, sanggeus ngadengekeun tableg Ajengan Ma'mun basa Rajaban.