Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Cek Ajengan Ma'mun, ”Ayeuna teh manusa paboro-boro ngudag kadunyaan, kawas nu moal maot. Padahal ari maot tea, teuing isuk teuing engke, taya nu terang. Geus boga naon urang keur bekel maot?......... Para saderek, ari elmu teh eta cahya (Al 'ilmu nurun), jalma anu teu boga elmu, diibaratkeun alam nu poek mongkleng, kumarayap neangan tincakeun. Eta sababna pang neangan elmu teh wajib hukumna pikeun sakabeh nu mu'min. Tolabul 'ilmu faridotun ala kulli muslimin wa muslimatin ..............”

Tah ti harita kuring beuki keyengna kana masantren teh.

Ngucapkeun Alhamdulillahna oge moal kurang ti sapuluh kali indung kuring teh, basa kuring pok bebeja yen hayang masantren. Lain ka tatangga nu dareukeut wungkul, tapi meh ka jalma salembur, kolot kuring mopoyankeunana teh, yen kuring hayang masantren. Unggal kolot nu dibejaan pada ngarasa kabita, pada harayang anakna sing kawas kuring - hayang masantren.

Poho deui, tanggal-tanggalna mah kuring mimiti masantren teh. Ngan nu moal poho teh, poena. Poe Rebo. Nu matak henteu poho, sabab meunang ngitung aki kuring. Yen lamun rek ngamimitian neangan elmu kudu poe Rebo. Poho deui naon alesanana mah, ngan pokona mah cenah poe panghadena pikeun ngamimitian tolabilmu.

Teu kawas Yogaswara dina ”Mantri Jero”, nu indit masantren nyorangan bae, tapi kuring mah kawas nu rek ka Mekah. Atawa meureun kawas Purnama Alam rek masantren ka Gurangsarak. Diabringkeun. Ku dua paman ti gigir, duanana sarat kaum. Ku bapa, jeung ku aki. Diiring deuih ku mang Ihin jeung si Uha pangebon jeung anakna - nu nanggung bekel jeung kikiriman keur Ajengan.

Enya, pohara dihormatna ”rombongan” kuring ku Ajengan teh. Komo aki kuring mah, ari sababna Ajengan eta teh baheula dikawinkeun ku aki kuring.

Santri istimewa kuring mah. Da make ditanya, naha rek cicing di bumi Ajengan, atawa hayang di kobong

Kuring milih hayang di kobong, maksud teh hayang loba

22