Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tanahna tanah wakap ti lurah hormat. Pondok na cukup gede, ngan hese ari kudu nyebutkeun sabaraha kali sabaraha meterna mah. Kitu bae lah, eusina aya kurang leuwih genep puluh santri. Henteu pasedek-sedek teuing eta teh. Kitu lah, sajalma boga lahan kira-kira 1,5 x 2 meter. Dua umpak tempat sare teh. Kitu umumna kabeh pondok oge.

Teu jauh di pondok aya tajug. Saenyana gede teuing disebut tajug mah, tapi lembut teuing mun disebut masjid. Ngan nu pasti, bisa asup leuwih ti tujuh puluh jalma. Mun Jumaahan, salian ti santri teh jeung urang kampung deuih sok milu berjamaah di dinya.

Tajug teh nyanghareupan balong. Atawa leuwih keuna mun disebut kulah. Paranti wudu jeung ngumbah suku nu rek ka tajug. Lebakeun tajug aya balong make pancuran. Paragi santri-santri marandi. Ari tonggoheun tajug, bumi Ajengan. Gigireun, jeung tukangeunana aya balong deuih. Sarua make pancuran. Ari balong paragi nyeuseuh ayana rada beh kulon, deukeut jalan ronda.

Jalan ronda eta, minangka watesna lelewek pasantren jeung lembur teh. Sisi jalan eta deuih - peuntas beh ditu - ayana warung Imi oge. Tempat santri-santri karumpul memeh jeung bada magrib. Lain ruang-riung tanpa maksud. Lain rek ngaradon ngopi wungkul deuih. Gegedena mah ngahelaran Nyi Juariah. Da teu jauh imahna ti dinya. "Si Jamilah" (Si Geulis) disebutna Nyi Juariah ku santri-santri teh. Incu merebot.

Pikun ngagambarkeun, yen teu jauh ti dinya ka pondok teh kawasna cukup mun ku kuring dicaritakeun, yen boh nu adan boh nu munajat di tajug, sok tetela nepi ka kecap -kecap na ti warung Imi teh.

Nu matak tiblat ka pasantren teh, eta ari memeh Isa. Milu ngariung di warng Imi. Hawar-hawar tapi tetela kecap-kecap na angin-anginan nu munajat di tajug. Komo mun nu munajatna Si Usup nu kawentar ngeunah sorana. Leutik tapi beuneur. Atuh nu "ngalokanana" surup, henteu sumbang atawa recol.

    ..... Innallaha wamalaikatahu jusolluna ala nabiyyi ya.....
    ayyuhalladzina amanuuu ..... jst ..... jst .....
25