Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Loba nu peuting-peuting kuramas awewe mah. Da beja yen puasa isuk teh bada Isa.

Kuring keur lalangkarakan di kobong, bari ngabadamikeun deungeun sangu keur isuk mumuluk. Angkanan teh pedah “poe panungtungan dahar beurang”, rek makmak-mekmek.

Si Atok ti Asar mula, geus ngadekul nyieunan useup. Cek ajaman, engke subuh bada salat rek nguseup di balong Ajengan nu di tonggoh. Sok garajih laukna.

Da guru mah sok gede hampurana ieuh. Maling lauk-lauk bae mah sugan moal matak doraka-doraka teuing. Asal engke bae memeh Lebaran tobat sing bebeakan. Kitu malah nasehat Mang Udin oge. Rek salah rek bener, kumaha Mang Udin. Kitu pipikiran teh. Atuh mun salah, Mang Udin nu nanggung dosana. Malah Mang Udinna sorangan rek milu nguseup, buktina ti tatadi numbu-numbukeun buntut kuda beunang mulungan Si Komar ti istal Mang Suhaemi.

Keur nganggeuskeun pasini harita teh. Keur mere papancen ka Si Aceng kudu ngajaga handapeun tangkal peuteuy. Bisi aya Ajengan rek ngalongok cai, atawa Nyi Halimah rek nyeuseuh.

Mun katembong rentang-rentang, Si Aceng kudu buru-buru mere tangara, sangkan nu keur ngaruseup crab-crub ka balong. Rek api-api ngomean balong. Da geus ti beh ditu, Ajengan marentahkeun nyocokan liang-linag di balong teh.

Tah, nu keur dipadungdengkeun harita teh tinggal nangtukeun tangarana. Tangara kumaha. Naha ngaheot, naha kekeprok, naha niru-niru manuk cangkurileung ....

Naha atuh, ari durugdug teh dulag. Teu lila kadenge sora Si Obi, ngembarkeun yen isuk mimiti Puasa.

Da mani teu sirikan gegejlig atuh Kang Haer oge. Santri nu panggetolna puasa. “Boa Ajengan teh salah.” cek Si Umar. “Boa cileuhna sorangan disangka bulan. Lain keur nyeri panon Ajengan teh?”

Tungtungna sarerea tingharuleng. Boga rasa niat rek makmak-mekmek panungtungan teh teh moal laksana.

Enya dosa kuring eta teh. Da kuring nu boga rarancang

28