atuh,
Mimitina mah sugan teh batur moal marilu. Da gegerendengan pisan badami jeung Si Atok memeh sare teh. Seuri oge ditahan, bisi kadengeeun ku batur. Hayang rikip pisan niat mah.
Ari sugan batur-batur geus sarare pedah geus jarempe pisan.
Naha atuh, ari celengkeung teh Si Umar, “Enya ah, ana oge rek milu!” Si Aceng gigireun nambalang, “Ana oge rek milu!” Tungtungna santri sakobong jadi, nyaho. Atuh kapaksa derekdek kuring ngadongengkeun rarancang nu tadi dibadamikeun jeung Si Atok tea.
“Eum ulah ari kitu mah,” cek Mang Udin, barang kuring tamat nyarita. Tapi nilik kana sorana mah, tetela manehna ge bangun condong kana hayang milu.
Walhasil rarancang kuring teh ku santri-santri ditarima ku ....... aklamasi. Najan nu moal milu oge, pada nganggap yen moal matak doraka.
Kieu rarancang teh.
Cek Ajengan, lamun nyaba ka hiji tempat nu lain poe eta mimiti puasana, tapi poe isukna, urang wenang teu puasa, sabab taklid ka nu boga kampung. Sok asal nyabana kudu ti isuk-isuk, nepi ka liwat Asar. Jadi saeutikna kudu tilu parapat poe. Sarta nyabana tea teu meunang ukur ngadon ulin, tapi kudu aya alesan anu kuat.
Kabeneran kuring isuk aya perelu (Saenyana mah teu penting teuing). Rek ka Mang lyan di kampung tatangga. Pedah bareto budakna ka kuring kungsi ngurihit. Jurumiah mun geus teu dipake, rek nginjeum. Tah isuk rek dianteurkeun. Cek timbangan sarerea oge, hiji amal anu mulya ari leumpang arek nganteurkeun kitab mah.
Kitu ijab kabul kuring.
Demi ijab kabul batur-batur nu rek marilu mah kieu. Maranehna rek nganteur kuring leumpang pikeun hiji amal soleh, bisi kuring kuma-onam. Pedah hudang gering. Geus sabulan oge hudang gering teh, dianggap hudang gering keneh bae. Jadi