gembleng jero sabulan kudu hirup ngalatih diri. Ngalatih perang jeung Syetan nu dila'nat ku Pangeran. Lamun beurang kudu kuat nahan lapar jeung halabhab. Peutingna atuh kudu merangan tunduh. "Naomuka" (sare anjeun) kudu diganti ku ngalobakeun tobat jeung tafakkur.
Kumaha ari urang? Ari beurang ngadon nyegrek sare tibra ngabrang-brangkeun lapar, mun dur magrib neteg beuteung sateuasna. Kadaharan di aya-ayakeun. Tungtungna teu beda neueus-neueus acan jeung mindahkeun waktu dahar. Ti beurang, ka bada magrib. Malah tampolana bahruteng dapur beuki nambahan ti lain bulan puasa. Dahar tuda sahabekna. Sanggeus dahar gulang-guling kamerekaan. Sedeng tiap dahareun lamun didahar matak jadi panyakit ― eta haram hukumna. Mun dahar nepi ka kamerekaan, eta haram bukumna.
Enggeus dahar, kumaha bisana los ka tajug rek taraweh? Cengkat ge beurat ku beuteung".
Saperti biasa tablegna teh ditungtungan ku pangajak ka hadirin. sangkan bisa leumpang dina jalan nu ngabulungbung kana ni'mat Pangeran, sarta supaya bisa puasa dina harti nu saenyana. Ucapan ahir kitu teh sok dibarung ku gerendengna nu ngabandungan ku ucapan amin ..... amin .... tanda yen nyakseni kana naon nu diucapkeun.
Sanggeus tableg bubar, kuring jangji dina hate, yen rek ngajalankeun sakumaha nu dipapatahkeun ku Ustad Hasim. Sangkan hikmahna puasa gembleng bisa kapetikna.
Nu matak geus mupakat jeung Si Atok, sangkan buka teh ulah sagala diaya-ayakeun engke mah. Cukup ku liwet haneut, lauk asin, (peda nu diasupkeun kana liwet keur ngagolak) sambel, geus bae. Minangka coel sambelna meuli bonteng ka warung Imi.
Tapi da kumaha atuh.
Ari keur lapar mah, najan liwet "polos" oge, maksud teh liwet teu disalaman, teu diserehan, teu weleh ni'mat. Teu weleh ngalimed. Geura bae, liwet sakastrol, peda dua, bonteng opat jeung sambel satengah cowet teh, beresih ku duaan jeung si Atok. Ari polah dahar tea, mimitina mah sila, terus emok, geus