cangkeul emok kana sila tutug, geus cangkeul, bari sidengdang. Ngabarak dahar teh, tapi tara silih pentaan Estu sewang-sewangan bae.
Waas ari tas dahar bae Tinggoledag kawas soldadu mabok arak.
Rek jung pisan indit taraweh harita teh. Jol pamajikan Ustad Hasim haruhah-harehoh. Pokna nginjeum minyak kayu putih, sabab Ustad gering ngadadak. “Na da tadi mah teu kuakieu?” cek kuring. “Nya eta puguh, bieu pisan tas buka”, walon pamajikan Ustad teh.
Buru-buru kuring ge milu bareng jeung nu nyusulan tea, diiringkeun ku Si Atok mawa kayu putih.
Barang jol, enya bae, Ustad Hasim ngalempreh, beungeutna sepa. Utah ngabayabah dina palupuh.
Orolo deui utah, najan geus dikayuputihan oge. Kuring mah teg bae, tangtu Ustad Hasim dahar racun ieu teh.
Barang kitu lain, kieu lain, kakara sarerea geumpeur. Buru-buru kuring jeung Si Atok indit. Maksud teh rek nyusulan mantri Kilinik. Kasampak Juragan Mantri teh keur nangkarak bengkang bari ngusapan beuteung dina korsi panjang.
Tapi teu talangke ari dipentaan tulung mah.
Teuing kungsi disuntik, teuing henteu harita Ustad Hasim ku Juragan Mantri Kilinik teh. Geus poho deui.
Mulihna Juragan Mantri teh diiringkeun ku kuring jeung Si Atok. Kuring ngajingjing tasna, Si Atok mawa obor, da bisi aya oray.
“Kasawat naon Ustad teh Juragan?” cek kuring panasaran.
Memeh ngajawab teh Juragan Mantri katembong imut, ...... Kamerekaan geuning Ustad teh......” walonna.