Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tuluyan ngeureutan oge. Tah eta teh jalma nu di dunyana resep ngupat, resep ngomongkeun batur. Letahna ku Allah baris dipanjangan, nepi ka jadi momot anu pohara beuratna. Eta teh kungsi ditingalikeun ka Nabi Muhammad, basa Anjeunna mi'raj.”

Saur Ajengan keneh, “Ari tina ngupat teh sacetet deui pisan kana ayana pitenah. Sedeng harti pitenah teh cek Quran “Asjaddu minal qotli”, leuwih jahat batan maehan.

Tah, harita ge mimitina mah keur nyaritakeun ngupat Ajengan teh. Lain di pangajian. Tapi baris Mang Harun di garduh. Nu disebut diparas teh pikeun Ajengan mah dikerik nepi ka lenang. Kuring jeung sawatara santri keur nungguan bari ngabuburit. Da jeung tempat kumpul deuih garduh tempat nyukur Mang Harun teh.

Saur Ajengan bari ngaraoskeun ni’matna peso cukur Mang Harun dina mastakana, “Mangkade barudak, ari bulan Puasa teh kudu ngajauhan pisan pidorakaeun. Pangpangna, ulah teuing ngupat deungeun. Pohara gorengna, mungguh Allah mah ari ngupat teh. Lain dosa leutik-leutik.”

Mang Harun milu nyarita, "Sumuhun teu kahartos ari jalma ku resep-resep teuing ngupat. Kamari mah abdi di dieu dugi ka kesel ngupingkeun Jang Aceng sareng Jang Kosim ngupat Kang Suta. Na aya santri beuki-beuki teuing ngomongkeun batur.”

Mang Udin milu nyarita, "Puguh oge Si aceng geus ngabaju kana ngupat teh. Di mana-mana pagawean ana ngan ngupat. Da jigana tara ngobrol lamun lain nyaritakeun kagorengan batur.Padahal manehna teh taya kabecus. Eta bae geura beletna teh geus tilu bulan ngagugulung Hidajatul Mustafid, can timu-timu. Padahal mah naon hesena Hidajatul Mustafid.”

“Heueuh, tetenjoan anta mah Si Aceng teh asa kendor pisan ngajina. Qiroahna oge dedengean mah titatarajong keneh”, saur Ajengan, bari beuki peler dikerik lebah embun-embunan.

“Tapi naha atuh ari kamari mah mani ngabuih nyaritakeun, yen Kang Suta kacida beletna?” cek Mang Harun deui.

Si Usup, “Ah, da hese neangan jalma pikasabeleun kawas

42