Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sanggeus rengse, sanggeus Kang Haer babatek, prak migawe nu hiji deui. Rek luhureun panto asup.

“Cing aos, Den, lapadna!” cek Kang Haer ka kuring.

Ku kuring dibaca, “Ajilu bissolati qoblalfaut, wa ajilu bittaubati qoblalmaut ......”

“Naon hartosna eta teh, Den?” cek Kang Haer bari prak ngamimitian nulis. Dipikiran ku kuring, weleh teu kaharti, “Moal enya teu kahartos?” cek kang Haer deui, bari jongjon digawe, “Geura ... geura ... urang tungtun. Ari ajilu, eta fi'il atawa isim?” “Fi'il,” cek kuring.

“Naon tandana yen eta fi'il?” cek Kang Haer.

“Sabab teu nganggo alip-elam atawa tanwin,” cek kuring.

“Fi'il naon?” cek Kang Haer. Kuring ngahuleng deui, ”Fi'il mudore sanes?”

“Sanes,” cek kuring, “margi teu aja alip, nun, ya atanapi ta.”

“Euleuh enyaan geus pinter santri teh ieuh!”, cek Kang Haer.

“Cing, teraskeun sarafna. Cing pesek, naon fi'il madina.”

Bari rada dirarampa jeung dikira-kira ........ “ajala,” cek kuring.

“Leres”, cek Kang Haer. "Tuh, ana geus kapendak, yen sanes fi'il mudore, sareng sanes fi'il madi, jadi fi’il naon?”

“Fi'il..... Amar,” cek kuring rada asa-asa sieun salah.

“Sumuhun fi’il Amar, lamun nitah ka saurang ajil, lamun ka sarerea jadi ajilu ....... Prak ayeuna mah tarjamahkeun!”

Sanggeus ditungtun kitu mah kakara kuring bisa narjamahkeun. “Buru-buru saralat samemeh paroho, jeung buru-buru tarobat samemeh maraot ....... ” Eta hartina teh.

Atuh kang Haer terus migawena, sanggeus muji ka kuring nyebut calakan teh. Demi kuring, huleng mikir pihartieun eta lapad.

Cek pikir, “Salat mah asa tara poho-poho teuing. Tapi ieu tobat? Mangka rea pisan dosa nu can ditobatan teh. Sedeng, boa isuk boa pageto kuring maot teh. Taya nu nyaho, Boa teuing

45