engke peuting. Leuh cilaka temen mun maot samameh tobat.
Ari keur ngahuleng kitu, gebeg teh inget kana dosa basa maling lauk ti balong Ajengan. Sanajan enya loba batur nu maling lauk teh, tapi da rarasaan mah kuring nu boga pokalna.
Cek niat, engke tobat teh rek Lebaran. Tobatna ka Pangeran. Ari tobatna ka Ajengan, engke poean Lebaran.
Tapi ....... boa hirup nepi ka Lebaran? Saha nu nyaho, maot memeh Lebaran, jadi memeh nobatan eta dosa? Saha nu nyaho, da Allah mah, Maha Kawasa. Sedeng cek lapad tadi, buru-buru tobat samemeh maot!
Teu loba deui nu dipikir, berebet kuring lumpat. Najan Kang Haer ngageroan oge, henteu dilieuk deui. Maksud teh rek ka bumi Ajengan. Rek tobat bebeakan, bari ngaluarkeun cimata. Sabab cek Ajengan, pangafdolna tobat nya eta nu dibarengan ku kaluarna cimata.
Kasampak Ajengan keur ngabaheuhay di tepas. Teu di-raksukan-raksukan acan. Jol ka tepas, gaur bae kuring ceurik. Puguh bae Ajengan reuwaseun. Basa Ajengan mariksa ”ku naon”, kuring teu buru-buru ngajawab, ngan ”sieun maot memeh Lebaran”, cek kuring teh pegat-pegat.
Sanggeus sawatara lila, kuring leler ceurik teh. Bakuna mah era, da katenjo aya nu nolol tina panto jero. Sidik, make cindung beureum. '
Kakara geus kitu mah, kuring nyaritakeun dosa kuring maling lauk ti balong Ajengan, sakalian tobat menta pangampurana.
Gancangna carita, kuring geus dihampura ku Ajengan. Lahir-batin, dunya-aherat. Ditungtungan ku kecap Ajengan, ”Hanjakal anta tobat teh beurang. Sedeng kapan batal puasana, ari keur puasa ceurik teh ......”
Atoh pedah geus tobat jeung geus dihampura, handeueul pedah batal puasa, kuring balik ka kobong. Jol ka kobong, teu asa-asa rot bae nginum. Puguh, Si Atok nepi ka colohok.
Ku kuring didongengkeun, perkara lapad, perkara tobat perkara, ceurik jeung perkara batal puasa, cek Ajengan.
Naha atuh, ari gaur teh Si Atok ceurik, pokna ana oge