TUNIL
Nambahan kabisa perkara tunil mah, kuring dua taun masantren teh. Sabab kalatih. Sok remen tutunilan. Pangalaman nu cek saliwat mah teu sapira, pangalaman tunil di pasantren, ayeuna sok gede gunana, lamun di kota kuring ngayakeun tunil. Boh ngarangna, boh ngaturna.
Saenyana, memeh aya kuring mah, pasantren eta teh can wawuh pisan jeung tunil. Da kuring nu jadi paloporna. Hartina kuring nu ngamimitian boga pokal tutunilan teh. Demi kuring nyaho tutunilan teh sabot di lembur keneh. Basa sok ngaji di Ajengan Enoh. Ti imah teh ngahaja mawa samping. Keur layar engke ari tas ngaji.
Kabeneran jol masantren ka tempat ajengan anu ”moderen”. Ajengan nu resep kana kasenian.
Kungsi anjeunna mesek pentingna kasenian, sarta henteu haramna tatabeuhan saperti gamelan, kendang penca jeung sabangsana. Saurna, ”Ana mah sok ngarasa aneh, mun aya nu nyebut, yen ngadengekeun gamelan eta haram. Sedeng ari ngadengekeun terebang henteu. Asa teu kaharti, padahal duanana tatabeuhan. Geura dengekeun tah gamelan sing husu. Tah sora goongna ngungkungan. Gung ....... gung ..... geuning ngajak muji ka Nu Agung.
Tuh, geura bandungan sarengkak saparipolahna nu ngibing. Estu tartib. Ngaheulakeun nu kudu ti heula, jeung mandeurikeun nu kudu pandeuri. Teu meunang pacorok. Da kitu kuduna hirup oge, Kudu tartib.
Geura bandungan nu maen tunil. Tuh aya buta gagah rongkah, aya satria weduk. Kabeh ge hareupeun layar wungkul. Sanggeus layar nutup mah teu weduk teu sing, teu gagah teu sing. Kitu mungguh hirup oge. Teu beda jeung nu ngatur lalakon. Da ari geus balik mah ka tempat asal, sarua taya anu gagah taya nu bedas. Sarerea oge tumamprak kana kersa Pangeran. Da tadi