ge, dibedaskeun jeung dirongkahkeun teh ngan ku Pangeran. Manusa mah ngan darma ngalampahkeun, kawas nu maen tunil, ngalampahkeun kuamah kahayang nu nyieun lalakon.
Nu haram soteh, nu asup kana masiat soteh, mun raramean kitu dijadikeun ujub takabur, atawa ngajadikeun urang poho kana sagala rupa. Nepi ka poho salat upamana bakat ku resep. Atawa bakat ku suka, nepi ka poho ka Pangeran.” Kitu pamanggih Ajengan kana kasenian. Nu matak cek kuring oge moderen.
Da remen atuh Ajengan teh miwarang barudak santri ngacapi, atawa ngemprungkeun kendang penca. Malah sok rajeun ngengklak ngibingan sagala rupa. Lagu ”Buahkawung” kasedepna teh, moal poho.
Nu matak basa kuring nyoba tutunilan teh, kamanah pisan ku Ajengan. Tapi tunil di pasantren mah henteu sarua jeung tunil di kota. Kahiji lebah lalakonna. Teu bisa sambarangan. Tapi kudu nu saluyu jeung ajaran. Kaduananu maenna lalaki wungkul.
Ari kuring, sajero masantren lain tina ngaji nonjol teh, tapi tina dua perkara nu sejen.
Kahiji dina kasenian, pangpangna dina tutunilan. Kuring nu jadi ”sutradarana”, malah sakapeung mah kuring sorangan sok milu maen jadi nu nyekel lalakon pangpentingna.
Tunil teh di bale, tilu-upat bangku dihijikeun. Minangka panggungna. Layarna ku reregan pangwedonan. Make panitih dikana-kawatkeun. Serelek ditarik. Ah, naon bedana jeung layar enyaan.
Nu lalajona mah awewe-lalaki. Jeung lain pangeusi pasantren wungkul nu ngadeugdeugna teh, tapi jeung urang kampung deuih. Ngagarimbung hareupeun bale. Teu beda jeung lamun rek ngabandungan tableg. Jeung da ari hakekatna mah tableg atuh, lain sandiwara. Sabab saperti cek tadi, lalakonna teu meunang ingkar tina pangajaran.
Mani caruringhak jalma-jalma teh basa Si Atok ku kuring dititah ngembarkeun, yen nu rek disandiwarakeun teh lalakon ”Jaomal Qiyamah”. Meunang kuring ngadeluk narjamahkeun