Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

lembur. Sok hayang munggah di lembur. Tapi ari harita kakara oge dua poe aya di lembur, jol Si Atok jeung Si Aceng nyusulan. Pokna disaur ku Ajengan, kudu kairingkeun. Reuwas ari mimitina mah, sugan teh aya nanaon.

Kakara dina perjalanan Si Aceng nyarita, yen pangdiala teh, lantaran isukna kudu maen-bal. Saenyana mah lain dititah ku Ajengan, tapi ku Mang Udin. Salian ti kuring, cenah Si Komar deuih nu ngahaja diala ka lemburna teh. Da kabeneran keur baik deuih.

Kuat pisan harita mah puasa teh. Da diganda maen-bal teh tara ngarasa ripuh. Jeung jagjag deuih maen-balna oge. Malah awak teh sok asa leuwih ngoleang batan keur teu puasa.

Ajengan ku anjeun nganjurkeun maen-bal bulan Puasa teh. Salian ti itung-itung ngabuburit teh jeung latihan nahan napsuna leuwih enya-enya. Pada terang ieuh, yen lamun keur puasa mah sok dareukeut pisan kana piambekeun teh. Dina maenbal mah nahan napsu ieu teh leuwih beurat. Sabab mun ngambek, salian ti teu hade teh, jeung matak batal puasa deuih ari bulan puasa mah. Naon hartina ngabuburit ari matak batal puasa mah.

Si Aceng deuih nu ngadongeng oge, yen nu baris dilawan teh pasantren M nu kawentar tea. Kuring nanyakeun, naha kabeh tukang maen-bal di pasantren araya. Jawab Si Atok, "Nu rada gering teh Si Ibro. Teu aneh ari Si Ibro mah, da unggal puasa sok gering. Eta mah ari lain bulan Puasa sok pohara capek-rahemna. Jadi ari puasa teh ripuh pisan.

Basa kuring jol ka pasantren, mokaha dibageakeun pisan. Si Ibro oge ngadak-ngadak jagjag, da sieuneun teu dimaenkeun meureun ari ngaringkuk bae mah.

Memeh barudak M daratang oge, kuring geus yakin, yen pertandingan teh baris jadi "duel meet" (ngadu jajaten) anu rame pisan.

Wanci lohor barudak M teh daratang. Leuh enya lengkep pisan. Kabeh jago-jagona daratang. "Tuh itu Den, jagona teh" Si Obi bari nunjuk ka budak petekel pikasieuneun

Nu disebut jagona teh Si Salim. Maenna jadi galandang.

62