Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kuring sorangan teu bisa walakaya. Da teu dijauhan ku Si Salim. Rek ngababuk, teu wani. Da nenjo bitisna oge babalingbingan, pingpingna sagede tangkal jambe deuih lain tubruk-tubrukeun. Basa reureuh teh pasantren kuring eleh 1 - 0 tea bae.

Dina babak kadua bal teh diganti ku bal ti pasantren kuring. Eta da aneh, tadi mah asa beurat naker bal teh, asa nyepak batu malah. Naha ari ayeuna da mani asa ngoleang bal teh. Rarasaan ngan ukur katoel ku suku bal teh, tapi na atuh ari belesat teh tarik pisan. Mimiti barudak kuring meunang angin.

Teu katara-tara acan ku kuring oge. Katembong teh Si Komar nampa bal ti Si Aceng, disakalikeun kana gul musuh. Da ngan sakolepat, bal teh geus asup negtog ka nu lalajo di tukangeun gul musuh. Bangbaraan.

Kuring geus nyaho kana sepakan Sumo, nu kawentar ”meriam Jakarta”, kuring kungsi nyaho kana sepakan bangbaraan Backhuys jeung Lee Way Tong nu kawentar ka mana-mana tea, kuring geus nyaho kana sepakan San Liong nu nepi ka jiga ”ombak banyu” bakat ku tarik, kuring geus nyaho kumaha tarikna sepakan Si bubukin salenter hareup Rusia anu cek nu bohong mah matak meupeuskeun sirah nu ngaheden, tapi..... sepakan Si Komar nyieun gul harita asa can manggih bandingna. Maksud teh tarikna. Da mani siga ngahiung disada atuh. Eta bae, da Si Tonggar oge, kiper M, teu ngalieuk-lieuk acan. Marukanana mah can disepak ku si Komar. Eta bae deuih, da kolot anu kasenter di tukangeun gul oge mani nangkarak bengkang. Cacakan kasenterna teh henteu nenggel. Teuing kumaha jadina lamun nenggel mah.

Sieun disebut wadul bae kuring mah, mun nyaritakeun sabaraha hasilna pertandingan harita. Da kawas rahul atuh. Kumaha teu rek kawas ngabohong, ari sababna, pasantren M nu sakitu kawentar moal eleh najan ku kleup jin teh, teu kurang ti 7 - 1 elehna ku pasantren kuring teh. Kuring sorangan ngasupkeun tilu. Rek disebut wadul rek henteu, tapi da enya kitu harita teh.

Eta pisan sababna pang kokolot santri ti M memeh balik

66