teu daekeun ngajauhan kuring. Ngikintil bae ti barang prung oge. Geus aya bejana taksiran ka maranehna oge, yen kuring raja bolana teh. Si Bandi deuih - selenter tengahna - nu gancang babarieun ngaliwatan Si Bahrur teh. Babalicetan bangun rada teh. Hadena sore eta teh Si Usup maenna mati-matian, jeung Si Ibro keur rada mujur. Bal sepakan Si Bandi oge, sangkilang ka juru, da dirontok atuh. Enya ari enyana mah jadi kornal, tapi mun teu dirontok moal boa bakal asupna.
Ger atuh nu lalajo surak, Si Ibro asa heueuh, datang gumasepna. Naha atuh, bal ti katuhu luar musuh, ngagorolong laun naker.
Ah ditewak kitu bae oge, naon hesena. Ari ieu Si Ibro pupujieun. Da rek newak bal sakitu launna oge ngagoler atuh. Bal jauh keneh, manehna geus ngagoler. Ari geus deukeut, ari cleng teh bal ngancul, keuna kana batu sagede muncang. Atuh Si Ibro ngagoler, ari balna ngaliwatan sirahna. Blus teh asup.
Pek geura, saha nu teu sebel. Katenjo Mang Udin gegejlig di sisi. Mun lain bulan Puasa, taksiran kana dicabok-cabok enya tah Si Ibro teh. Mimiti rada paur basa geus eleh 1 - 0 teh.
Basa bal ka sawah, kuring ngaharewos ka Si Usup. Manehna unggeuk-unggeukan. Geus kitu kuring mere parentah deuih ka Si Atok. Jol Si Bandi mawa bal, ”dirabut” jeung suku-sukuna. Da mani kawas nangka asak ragragna Si Bandi teh. Moal henteu nyerina teh.
Barang mawa bal deui, bangunna mah rek males, tapi Si Usup ngagorowok, ”la tagdib sjahrussyiam” (ulah ngambek, inget bulan Puasa!) cenah. Atuh teu tulus ngambekna Si Bandi teh, kaburu ingeteun. Geus kitu, jekek deui Si Dahir dibabuk ku Si Atok, mun rek males gorowok deui Si Atok kawas tadi Si Usup, ngingetan yen bulan Puasa. Atuh teu bisa males.
Tah ku kitu raripuhna barudak M teh. Hayang males, tapi teu bisa. Ari barudak kuring mah najan ngababuk oge moal matak batal puasa. Sabab ngababukna henteu jeung napsu. Beda jeung lamun males. Kapan ari males mah tangtu bari napsu.