KA KOTA
Sanajan ari dilahirkeun mah kuring teh lain di Tasik, tapi geus asa bibit buit ti dinya bae. Ari sababna, ti sabarang inget, cicing teh di Tasik. Tujuh taun, di H.I.S. oge kapan. Di Kebon tiwu sakola teh. Kaluar soteh, pedah sakola-sakola ditutup. Basa mimiti Walanda rek eleh pisan ku Jepang. Balik ka lembur, itung-itung ngungsi. Kabeh-dieunakeun atuh kuring sakola menengah di Tasik, malah di Tasik dirapalan oge.
Saperti geus dicaritakeun, kuring asup ka pasantren teh jaman Jepang. Basa mimiti sakola-sakola dasar dibuka deui. Kuring mah henteu milu sakola deui, tapi sup ka pasantren.
Basa keur di pasantren, kuring kungsi ngalanto ka Tasik. Diutus ku babaturan rek meuli kitab. Nu aya ngan di Tasik. Atoh, basa mimiti diutus mah. Asa rek resep pisan. Rek guk-gok jeung urut babaturan sakola. Rek kitu, rek kieu.
Tapi naha ari jol mah ka Tasik, bet asa palanca-polonco pisan. Asa nu kakara nyaba ka kota. Jiga hayam panyambungan, malah asa rada susulumputan, sieun aya nu manggihan. Kawas nu boga dosa ari di pikir-pikir mah.
Inget keneh. Santri-santri butuh kitab Fikih, Tauhid jeung Nahwu. Cek nu nyarita, ngan di Tasik ayana teh. Kuring nu diutus, dipihapean ku sarerea. Nu matak ngutus kuring, pedah kuring nu geus apal pisan kaayaan Tasik teh. Jadi moal nepi ka susah.
Dibarengan ku duaan. Ku Si Aceng jeung Si Encur nu katimbang moal dusun teuing mun dibawa ka kota.
Garinding tiluanana oge indit teh. Atuh kuring make sarung weuteuh, kameja bodas, kopeah nu arang dipake jeung disapatu hideung,
Si Aceng make sarung alus meunang nginjeum ti Kang Engkus, baju bulao meunang anyar keneh nyelep, dikopeah beureum make sendal. Ari Si Encur gindingna teh enya-enya ginding santri. Hartina barang breh oge, ujug-ujug katembong yen