Ieu kaca geus divalidasi
teh nyampeurkeun heula ka kuring. Ngolo-ngolo sangkan kuring pindah ka M. Cenah, “Mun anta masantren di ditu mah, tong mikir ngaliwet sorangan. Di pangliwetkeun unggal poe oge”. (Teu nyahoeun, padahal harita oge kuring teh tara ngaliwet sorangan, tapi sok ku Si Atok). Leuh mani kembung irung diolo kitu teh. Asa jadi Raymond Kopa nu diolo ku Sepanyol pedah jadi raja bola Perancis.
67