Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dalahar. Kuring mah boro-boro hayang asup ka tukang tahu. Era. bisi aya nu nenjokeun.

(Beh dieu, beh dieu taun 1959 kuring kungsi ngalam- an, ngajanteng di dinya teh. Kawas harita keur jadi santri. Tapi bedana teh ari taun 1959 mah nangtung di dinya teh make bari ngarasa agul. Pedah nu pajejel-jejel di hareupeun bioskop teh nu parebut karcis hayang lalajo sandiwara Jaomal Qiyamat - sandiwara beunang kuring).

Di toko kitab leungit sakeudeung rasa “rendah-diri” teh. Asa di ”dunya santri” rarasaan teh di dinya mah.

Sabab kabeh jalma nu balanja ka toko eta mah saeutikna jalma nu ngahargaan ka santri.

Salse naker milih kitab teh. Ngan kungsi ngarasa sebel ka Si Encur basa manehna mukaan kitab, pek dibaca, ngahaja rada ditarikkeun. Ngarah kadenge ku nu sejen.

Basa Si Aceng keur dititah ngaduitan kuring asa-asa ka nu keur milih kitab di juru. Buru-buru dideukeutan. Basa manehna ngalieuk, da teu sirikna silih rangkul. Si Sapaat, sobat kuring keur sakola. Manchna ge sarua jeung kuring, make dangdanan santri pasantren. Cenah, manehna oge masantren di Singaparna, ngahaja ka Tasik aya kitab beulieun.

Tah sanggeus bareng jeung Si Eta mah, meh leungit rasa rendah-diri teh. Boga rasa aya batur. Nu wawuh di jalan, atuh ditanya ayeuna mah. Malah basa Si Neni. Si Tini. jeung Si Rustam ngaliwat oge make digeroan sagala. Make ngobrol malah, sisi jalan.

Jeung Si Sapaat mah kuring jadi wani asup ka tukang pecel tukangeun sakola Milo oge, malah wani asup ka Gunung-singa sagala rupa, ti kajauhan nenjokeun nu ngojay. Untung, Si Aceng jeung Si Encur bae jadina mah. Cacakan mun teu panggih jeung Si Sapaat, pamohalan teuing kuring make daek ulin kitu. Bada salat lohor di masjid agung, kuring papisah jeung Si Sapaat teh.

Ari jol datang deui ka pasantren, mani alewoh Si Aceng ngadongeng ka santri-santri kaayaan di Tasik. Atuh dicaritakkeun deuih yen kuring kungsi ”tatabean” jeung barudak

71