Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Dina keur kitu, kuring nu sok meunang papancen pangbeuratna. Ari sababna, nya kuring nu sok kapeto kudu mawa kikiriman ka nu disebut pangmenakna teh. Bisa jadi pedah di antara santri-santri, kuring dianggap pang “pantesna” lamun ngadeuheusan ka menak. Geus ngambeu hirup di kota bakuna mah. Jadi moal matak ngerakeun, mal dusun teuing lamun jol ka menak teh.

Jeung enya, kuring mah geus rada nyaho deuih kudu kumaha ari nyanghareupan menak teh. Keur budak sok remen dibawa deudeuheus ku indung.

Lain kuring nu sok ngajingjing laukna mah. Tapi Si Atok. Lauk emas Si Nyonya sagede-gede orok nu sok dibawana oge. Tara kurang ti tilu keur ka saurangna eta teh.

Demi ti pasantren ka kacamatan atawa ka kawadanan teh jauh. Aya kana sapuluh kilona. Tapi resep nu aya, itung-itung ngabuburit. Geus iuh sok indit teh. Ngahaja make papakean hade. Kopeah oge tara make kopeah samak kawas nu sok dipake sapopoe, tapi sok kopeah buludru nu dipakena oge ukur sok salebaran sakali. Si Atok ngiclik nuturkeun bari ngajingjing lauk. Beunang ngadangdanan. Sok diinjeuman baju jeung sarungna ti kuring Nu beresih. Ngarah ulah ngerakeun. Make sarungna dipaksa kudu dibeubeuran, teu dibikeun bendelah- bendeleh kawas biasana.

Tangtu bae, moal enya jol ti hareup ka bumi Juragan Camat mah.

Ti tukang jol teh. Tah lebah asupna, santir-santri nu sok waregaheun teh. Cenah, mun asup ka imah menak teh sok tara puguh polah. Sok bingung. Naha kopeah kudu dicuplak atawa entong. Naha meunang pupuntenan tarik? Atawa kudu lalaunan? Kumaha lamun euweuh nu ngadengeeun. Kumaha mun aya anjing?

Jeung saterusna, jeung saterusna.

Ari kuring henteu bingung ari asup-asup bae mah Geus biasa ti bubudak.

Eta inget nepi ka ayeuna. Ari Juragan Camat teh kagunganeun putra dua. Nu hiji pameget, Dang Engkos, nu hiji deui istri,

74