Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

DANG ENGKOS PUTRA CAMAT

Mun geus tereh lilikuran biasana mah. Ajengan ngabedahkeun keur kikintunan ka menak-menak. Kitu umumna ari Lebaran teh kapan.

Mun kikiriman ti bangsa asing (ti Cina umumna mah) disebutna panganter, ari ti bangsa urang keneh mah teu umum disebut panganter. Kikiriman biasa bae.

Salian ti bangsa Juragan Wadana, Camat jeung Lurah, nu kaasup kana golongan menak nu sok dianteuran teh, kitu bae bangsa mantri klinik, jurutulis camat, jurutulis wadana jeung mantri guru.

Demi lobana kikiriman, gumantung kana ”kamenakanana”. Hartina ka nu dianggap leuwih menak, nya meureun leuwih loba kikiriman teh. Kitu puguh oge hirup mah (kitu saur Ajengan), ka nu boga, sok leuwih gede beberean teh.

Kungsi ku kuring ditalengteng, naon sababna pang kitu. Ari saur Ajengan, ”Ari barangbere teh kudu katarimaeun. Kudu matak jadi atoheun. Mun mere duit saketip ka nu teu boga, geus tangtu katarimaeunana. Tapi lamun mere saketip ka nu beunghar mah, piraku atoheun. Malah asa dihina meureun.

Eta sababna, pang ka nu boga mah ngirim teh kudu leuwih gede batan ka nu teu boga. Sangkan katarimaeun. Sangkan atoheun. Jeung sangkan aya gunana”.

Pok deui kuring nanya, ”Ari kitu mah asa teu adil atuh Ajengan! Padahal nu beunghar mah geus teu butuheun. Sedeng anu pohara butuheunana, mah anu teu gaduh.”

Ngajawabna pondok pisan Ajengan teh ”Da atuh ngan Pangeran anu adil mah.” Peun, ngan sakitu-kituna. Kuring henteu bisa hojah deui.

Tah mun keur nyanghareupan Lebaran kitu, tingalabrul santri-santri teh ngajaringjing lauk nu dibungkus ku gebog cau. Ku upih malah lamun keur ka Juragan Camat atawa Wadana mah.

73