Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pungkur geuning basa urang keur jadi mantri pulisi. Emut ka ceuk ...... (ngaran indung kuring)?“

”Lailaha illallah,” saur Juragan Camat. ”Nu saumur jeung Si Engkos tea?” Solongkrong atuh kuring munjungan rengkuh naker.........

Inget keneh, ari balik teh kuring dipaparin baju sapangadeg. Urut Dang Engkos. Moal poho-poho kana rupa bajuna oge nepi ka ayeuna. Calanana bulao, geus rada belel, tapi wedel keneh. Bajuna semu gading.

Diajaranana oge dipiwarang di kamar Dang Engkos. Ari bus, katembong nu boga kamar keur maca buku, bari dadapangan dina pangsareanana.

Sakitu bageurna, boh Juragan Camat istri, boh Juragan Camat pameget, tapi moal aya nu pikasebeleun kawas Dang Engkos. Ah, da budak rehe teh ieu mah. Nya tungi, nya gede hulu, Leuheung mun kasep.

Sup kuring ka kamarna teh, sugan cengkat atuh atawa nanya. Ih, da tonggoy bae, api-api teu nenjo. Ngarasa hina meureun, pedah kamarna diasupan ku kuring, santri ti pasantren. Padahal manehna teh di sakola menengahna oge kakara kelas hiji, tapi ari kalakuan alah batan satuden.

Basa kuring rap ngajaran baju, manehna buru-buru ka luar. Kadenge nanya ka indungna, ”Mah, acuk eta nu dibikeun ka santri budug teh?”

Henteu ari Dang Mimin mah henteu gede hulu kitu. Duka pedah budak keneh bae. Eta bae, basa baju ku kuring tas diajaran teh, dipangmungkuskeun ku Dang Mimin.

Beh dieu, beh dieu, kuring kungsi papanggih jeung Dang Engkos teh. Ngahaja neangan kuring. Rek menta tulung, hayang digawe di hiji perusahaan. Anu matak menta tulung ka kuring, pedah nyahoeun yen pamingpin eta perusahaan bat kuring. Ditulungan harita oge, make surat ti kuring. Cenah tuluy ditampa digawena, ngan teu lila. Kaluar deui. cek sobat kuring pamingppin perusahaan tea, ”Pagawe nu diasongkeun ku ilaing teh, rada kedul.”

Memeh balik, Juragan Camat istri teh kungsi mariksa deui

76