pasantren. Aya ketah, nu ngarasa teu ngeunah teh. Mang Udin, Pokna oge, putra menak teh teu matak reşep nenjo. Tapi kituna teh, lain kawas kuring, ngarasa teu ngeunah kuucapanana, tapi Mang Udin mah teu resepeun teh, pedah cenah, basa tadi keur di bumi Ajengan. Dang Engkos palatat-peletet bae ka Nyi Halimah. Cek Si Atok tea mah, "Timburuan Mang Udin mah."
Bada buka, aya Kang Haer ka kuring. Cenah, bada taraweh kuring disaur ku Ajengan ka bumina.
Cek Si Aceng. "Hayang ana mah jadi anta". "Na kumaha kitu?" walon kuring.
"Eta bae, kari-kari tadi ana nenjo Nyi Halimah ngala daun keur mais lauk ayeuna anta dititah ka "baetiha" (imahna).". "Ana mah kirim huluna bae ya achi (dulur), cek Kang Haer milu ngaheureuyan.
"Salami ilaiha (salam ti kuring ka manehna)" Si Komar nyelengkeung bari ngosom keur dahar kulub sampeu. "Minni aedon (ti kuring deuih)" cek si Sakim ti juru. "Uskutu ..... (caricing)!" Mang Udin nyentak. Manehna keur mereskeun kitab dina tempat sarena. "Lam tandzuruna ( naha maraneh teu nenjo), yen ana keur digawe?" Jep atuh sarerea repeh. Biasa Mang Udin mah, sok ngambek ari aya nu ngaheureuykeun Nyi Halimah teh.
Kuring sila teh deukeut panto dapur. Ajengan nyarandenkana tihang deukeut jandela. lbu Ajengan ngalemar deukeut panto pangkeng. Ari Nyi Halimah kareret ku kuring diuk di pangkeng. Tapi deukeut panto. Jadi tukangeun indungna. Teu kaciri nupana mah, ngan katembong sampingna wungkul. Semu nyalindung dina balik panto.
"Geura eta Aden," cek Ibu Ajengan. "Candil, cing raosan. Beunang "uch tuka"" (dulur anjeun - maksudna, Nyi Halimah) ti Asar mula ngeprek. Napsu, nyieun candil mani sapanci."
"Enya, Aden, mangga eta geura! Cek ana mah amis teuing puguh." Saur Ajengan.
Jijieunan nu puasa kituna tea mah, Aden. Teu aneh, mun aya kak urangna, da puguh henteu bisa diasaan. Jeung eta mah
79