an. Sugan teh m oal ngomong deui Si Umar. Ari pok teh ka kuring semu ngaharewos, "Mang Udin mah atoheun anta indit teh, sabab manehna jongjon ngahelaran Nyi Halimah." Kuring teu ngajawab.
Meunang sababarana poe kuring nimbang-nimbang pekara sakola deui atawa entongna. Ari sakola hayang, ari ninggalkeun pasantren wegah. Inget kana "bekel keur ka aherat" saperti nu dicaritakeun ku Si Atok tea bakuna mah.
Nu kitu tea mah da Dang Engkos anak camat tea. Nu matak kuring mah kakara beh dieu, beh dieu henteu ngewa ka anak camat teh. Da anggapan harita mah, kabeh anak camat kalakuanana kawas Dang Engkos, teu beda ti anggapan Dang Engkos yen santri loba nu budug.
Kakara beh, dieu, beh dieu kuring boga anggapan, yen ari jadi camat teh, henteu goreng. Da harita mah, cek hate, pangembung-embungna mun kudu jadi camat. Sieun boga anak kawas Dang Engkos......