Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Tobat Aden, lain ana ngajurung-jurung supayu incah ti pasantren. Tobat lain kitu maksud ana. leu mah ngajurung liku bisi anta rek tuluy sakola deui." Reg deui ngarandeg. Ajengan teh sasauranana. Ningali ka pangkeng. Taksiran kakara kiuningaeun, yen Nyi Halimalh, milu ngadengekeun dina balik panto. Sauma senu nyentak, "Limalh, limadza tadjlisin hunaka?"" (ku naon diuk di dinya?") Kareret Nyi Halimah. ngolesed ka jero.

Panjang lebar naker Ajengan susuranana teh. Nu cindekna mah ngajurung laku pisan, mun kuring hayang nuluykeun deui sakola. Dibarengan ku jiadna. sangkan kuring dirahmat ku Pangeran dunya jeung aheratna (amin).

Ari keur kitu. Ibu Ajengan mah teu sasauran nanaon. Jong-jon bae ngalemar. Ngan meus-meus ningal ka jero pangkeng, ningalian Nyi Halinmalh bangunna mah.

Nu tadarus oge, keur meujeuhna harusu pisan, basa kuring balik ka kobong teh. Pada muru-muru datang teh, da kuring mawa candil mani dua rantang. Saur lbu Ajengan, "Candak bae keur burudak, nyaah di dieu oge bisi mubah.

Bada marurak candil, kuring ngajak musawarah perkara nu disaurkeun ku Ajengan tadi.

Kontan Si Atok malah ngomongna, "Ah, cek ana mah nanaonan make sakola deui. Di dieu oge kapan sakola. Saua bae. Malah di dieu mah sakolana keur dunya jeung aheratna. Sakola bari diridoan pisan ku Pangeran. Sakola neangan keur bekel maot....."

Loba nu sapamanggih jeung Si Atok, di antarana santri nu kolotna, Kang Haer. Ngan Mung Udin nu sejen teh. leu malah pokna teh, "Ari cek ana nmah enya mending sakola dcui anta mah, nyaah!" Kakara ge sakitu Mang Udin nyaritana, celengkeung manten Si Umar nambalang. "Ah Mang Udin mah, resep mun Aden indit sabab ....." Da ngan sajorelat atuh ngajengkatna Mang Udin bari nyekel beuheung baju Si Umar. Pokna bangunnambek pisan, "Limadza (ku naon), limadza .... qul (caritakeun) limadza?" Si Umar teu ngajawab deui, katembong pias bakat ku reuwas. Geus aya kajadian kitu mah, musawarah teh bubar-

81