Juariah keukeuh nyodorkeun samak pandan. Geus rarawing tungtungna.
Bakat ku keukeuh, ditampa ditampana mah ku kuring samak teh, tapi henteu diamparkeun. Didiukkan lipetanana bae. Mang Ahya ngajak ngobrol bari neruskeun hancana.
Sabot kitu, torojol aya budak titahan Mang Ulis Jakat. Cenah Mang Ahya disaur ka bumina. Bangun wegah manehna nangtung, leos indit.
“Dikantun heula, atuh Den, ku emang”’, pokna ka kuring. Gorowok ka incuna, "Juariah, cing gentenan sakeudeung ieuh hanca, rek dipake engke bada Asar. Kade sing bener ngayuman teh, ulah sakarep-karep. bae. Tali kukuhna deuih tah loba nu geus baruntung. Da eta maneh mah ari dititah ngalaan kukuh teh sok tara sabaran.”
Leos Mang Ahya indit, goloyoh Nyi Juariah kana tempat Mang Ahya, rek nuluykeun hanca akina. Ditenjokeun bae ku kuring. Kuruwal - kuruwel, kuruwal-kuruwel — enya bae bisaeun ngayuman. Ramo-ramona pohara gancangna ka luhur ka handap. Bangun leuwih tapis ti akina. Bajuna beureum tetela beunang nyelep. Da enggeus teu rata warnana. Cidungna hejo, ieu ege beunang nyelep deuih. Lebah anu “napak” kana gelungna geus maralongo. Ku geget bangunna mah. Saperti nu ku kuring kungsi di dongengkeun, di kampung eta mah Nyi Juriah teh kaasup mencrang, Malah mun teu salah, kungsi aya gerentes, yen manehna ku Ajengan rek di jieun indung tere Nyi Halimah.
"Punten bae, kamari ana nyosoeh serat payuneun anta, pokna bari jongjon digawe.
”Ah teu nanaon, ngan eta bae karunya ka nu ngirimna,” cek kuring.
”Ah karunya ku naon, ka budak japilus kitu?” pokna deui.
"Na, da cek kuring mah asa henteu japilus, Sakitu bageurna,”
”Ah anta mah,” cenah deui. Budak sakitu rehena, jeung bejana ngajina oge melencing pisan. :
Curinghak kuring oge ngadenge omongan kitu mah.
”Lailaha illallah, Juariah! Cek saha melencing? Yeuh uchti,