gantawang bae Ajengan nyeuseul. Pokna asa diheureuykeun. Si Umar terus terang, pokna, Punten bae, ana teh lepat. Tadi memeh mios teh ka cai heula, barang dongkap ka bumi Ajengan, kakara emut yen tadi di cai teh teu kantos ngadehem heula. Atuh wangsul deui, ngadon ngadehem. Ti dinya nembe ngabantun kitab) ........ ” Tetela, ...... tetela Ajengan gumujeng. Ngan ditahan. Da api-api nutupkeun jandela paimbaran. Jeung rada lila deuih nutupkeunana. Si Umarna, da teu riuk-riuk atuh. Kituna mah, da enya meureun lain niat ngabodor kituna teh.
Saminggu ti harita kungsi aya ribut di Tajug. Si Tohir keuna diwumk ku Mang Udin. Inget keneh, lebah narjamahkeun sawatara surat ”Albagoroh” (kakara mimiti diajar narjamahkeun Quran), Pohara beletna Mang Udin nyelang heula ka cai. Ngan sakoteap geus jol deui. Gek diuk, gap deui kana Quran. Kakara gap, Si Usup unggah. Da teu tata-pasini deui, ari pok teh.
”Naha Mang Udin, tas batal wulu teu wulu heula terus nyekel Quran?” Curinghak sarerea oge. Atuh Mang Udinna curinghak deuih. “Cek saha ana batal wulu, ana mah ka cai teh ngadon nyiduh!” walon Mang Udin bari rada molotot. Ribut pa cental-cental. Si Usup keukeuh nuding Mang Udin teu wulu deui, Mang Udin keukeuh teu rumasa batal wulu.
Lamun euweuh Ajengan, taksiran Mang Udin ngajak galungan. Da bangun pohara ambekna. Tungtungna dipisah ku Ajengan. Si Usup dipariksa, naon sababna pang manehna yakin-yakin teuing, yen Mang Udin batal wulu. Si Usup wani naker ngajawab, Ana yakin, sabab basa ana ngaliwat, kakuping pisan Mang Udin ngadehem. Moal enya nyiduh wungkul make ngadehem. Teras kaluar ti cai, henteu katingal tas wulu deui, da garing.” Atuh Mang Udin tetep dina kateranganana. Ahirna Ajengan mariksakeun ka nu tas ti cai, sugan aya nu terang. Si Atok teu disangka-sangka ngacung. Pokna,” Anaterang pisan, yen Mang Udin henteu batal wulu, margi Mang Udin mah ngadehem soteh .... ” Ngan nepi ka dinya Si Atok ngomongna. ”Ngadehem ku naon?” saur Ajengan. Si Atok bangun teu wani nerangkeun, nepi ka dadaku rek ka cai. Bari leos indit. "His teu puguh Si