Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Abdullah contona mah. Kapan eta teh asalna ti dua kecap, Abdul jeung Allah. Jadi lamun teu make teh, moal enya ngaran jelema kudu Allah onaman. Gopur eta oge jenengan Allah. Jadi teu meunang Gopur wungkul kudu Abdul Gopur. Cek Ajengan, teu merenah mun jalma ngaranna Rahman atau Rohim, tapi kudu, Abdurrahman, Abdurrahim jst ..... jst.

Rata-rata barudak pasantren baroga ngaran rangkepan, atawa malah lolobana mah digaranti ngaranna.

Aya nu kaliwat. Kuring sorangan kungsi nanyakeun ka Ajengan naon sababna pang (meh) unggal jalma nu balik ti Mekah kudu bae ngaganti ngaran. Katerangan Ajengan kieu, ”Kapan ari jalma indit ka Mekah teh ngadon nyucikeun diri. Jadi lamun urang tas munggah haji, kabeh dosa nu enggeus-enggeus teh kalabur Jadi sanggeus kitu eta jelema teh jadi suci deui - teu beda ti orok anu kakara brol. Ku kituna, estu merenah tur munasabah, lamun eta jelama ngaganti ngaran. Da memang beunang disebutkeun ngabaru deui hirup. Eta deuih sababna pang lamun maot sanggeus munggah haji, dianggap pohara bagjana. Ari sababna, maot teh sasatna dina ”status” orok anu kakara gubrag. Jadi ”beresih” tina sagala dosa. Moal ka mana, ka Firdaus leosna mangke teh, dina yaomal kiyamah. Tah eta deuih sababna, pang di kampung mah timbul hiji kapercayaan, yen ari munggah haji mah kudu geus kolot. Ngarah sanggeus jadi haji, memeh maot teh henteu loba (teuing) nyieunna (deui) dosa. Kapan sareatna nu geus kolot mah umurna moal lila deui, dibandingkeun jeung nu ngora. Lain eta mah lain papahaman Ajengan cek kuring tadi, aya kapercayaan!

Mang Udin bejana basa datang ka pasantren mah ngaranna teh Kardun. Diganti ku Ajengan jadi Syamsuddin (Syamdu - panonpoe, din = agama). Cek Si Atok, padahal keur Mang Udin mah mending keneh Kardun, sabab surup kana rupana. (Ari kardun teh hartina monyet).

Kuring dibere ngaran ku Ajengan teh alus pisan, Rochmatullah. Nepi ka sakola menengah kelas II mun teu salah, kuring make keneh ngaran eta dihareupeun ngaran pamere ti bapa teh. Kabeh dieu nakeun ngan R - na wungkul nu dipake teh. Nepi

94