NGARAN
Di batur mah aya kecap, "What is in a name?" Taya hartina cenah ngaran mah. Nu penting mah lain ngaranna, tapi nu ngabogaan eta ngaran.
Henteu kitu eta teh ari pikeun di pasantren mah. Ngaran teh pohara pentingna. Jeung saenyana taya bedana meueus-meueus acan jeung di kota. Maksud teh dina soal nyieun ngaran tea. Kapan geuning di kota oge, lantaran aya anggapan yen urang teh sahandapeun Eropa, ari ngaran teh sok nurutan ngaran Eropa. Saperti, Eddy, Max, Hanny, Mammy dst. Asa karasa matak era malah, lamun ngaran jiga teuing ngaran bangsa urang. Era make ngaran: Adung, Maksum, Haniah, Salamah, jsb.
Tah kitu di pasantren oge. Ngarasa kurang terhormat, lamun ngaran henteu nyokot tina basa Arab. Komo kapan ari haji mah. Hese neangan haji anu ngaranna lain kecap Arab. Ari ku kitu tea mah, da kapan ari balik ti Mekah teh sok garanti ngaran. Saperti haji Muhammad Badrudin nu beunghar di Pengkolan, kapan memeh ka Mekahna mah ngaranna Sanukri. Lurah hormat bae kapan memeh ka Mekahna mah ngaranna Wihardi, ari geus jadi haji robah jadi Abdul Arief. Kamashurna mah haji Arip.
Ku kituna teu aneh, mun barudak pasantren baroga ngaran rangkepan. Biasana beunang Ajengan ngaran rangkepan teh. Kudu beunang Ajengan, sabab Ajengan ku anjeun geus nyebutkeun, yen teu meunang make ngaran nu ”salapan puluh salapan” tapa make Abdul di hareupa. Nu dimaksud salapan puluh salapan” teh. jenengan Pangeran. Kapan cenah jumlah salapan puluh salapan teh dicatetkeun dina leungeun manusa. Dina garis-garis dampal leungeun. Geura titenan, leungeun kenca angka 81 (angka Arab tangtuna oge) Leungeun katuhu 18. Lamun dijumlahkeun katuhu jeung kenca jadi 99. Tah pikeun nu rek make jenengan Pangeran mah kudu make Abdul. Saperti ngaran