Lompat ke isi

Kaca:Dongeng Enteng Ti Pasantren.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ka ayeuna. R. dina R.A.F saenyana mah tina Rochmatullah eta teh. Ngaran pamere Ajengan. Batur kuring nu kungsi sakola di sakola tani Ungaran (Semarang), tangtu ingeteun keneh, yen ngaran kuring make Rochmat di hareupna.

Kungsi aya riributan tina perkara ngaran teh. Nepi ka Ajengan disaur ku Juragan Camat sagala rupa. Si Umar (nu boga dosana) aya beja rek diperkarakeun malah. Ari alatanana kieu.

Anak camat ku kuring kungsi dicaritakeun, Dang Engkos tea kungsi lar-sup ka pondok. (Cek Si Atok mah, ngahelaran Nyi Halimah). Kuring dina lebah dinya milu salah. Ah, da salah-salah, teu rumasa! Ieu mah pedah teu nyaho bae kumaha dudukna perkara.

Bejana – kuring keur ka lembur – aya Dang Engkos ngadon ngendong ka pondok. Ngobrol di kobong, bras kana soal ngaran. ; Dang Engkos harita menta ngaran ana asal tina basa Arab. Ka Mang Udin mentana mah. (Dongeng Si Atok ka kuring ieu teh). Mang Udin teu manggih ngaran alus. Na ari celengkeung teh Si Umar ti jero, "Kumaha mun Adang mah jenengan Muhammad Chinjir bae.” Sarerea oge reuwas santri-santri, teh, sabab nyaho yen Si Umar teh heureuyna kaliwatan. Teu disangka-sangka ..... atoheun Dang Engkos teh. Malah pok, enya alus lamun ngaran kuring (Kuring ngabasakeunana teh) Raden Kosasih Muhammad Chinjir. Taya santri nu wani ngomong, nepi ka Dang Engkos balik. Ngan sanggeus balik, Si Umar pada ngagelendeng. Tapi ngan ukur cicirihilan. Marukanana, moal aya buntutan.

Hiji poe kuring ka kacamatan. Keur ngobrol-ngobrol jeung Juragan Camat istri-pameget, pok Juragan Camat-istri, ”Ieuh, Si Engkos aya nu mere ngaran alus, Mohammad Chinjir. Malah rek dihajatan sagala rupa, da kahayangna. Cek kuring, ”Moal enya Chinjir. Margi upami teu lepat ari Chinjir teh hartosna, bagong. Eta Juragan Camat pameget kaciri reup beureum, ray pias. Bakat ku bendu.

Cek kuring ge tadi, nepi ka jadi perkara. Ajengan disaur, Si Umar rek diperkarakeun. Duka kumaha beresna mah. Ngan nu inget mah, Si Umar kungsi meunang dua bulan leuwih indit

95