Lompat ke isi

Kaca:Elmoe Boemi Tanah Hindia Nederlan.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
4

§ 5.

Hasil tanuh Hindia Nederlan nja moetoeh koe loba. Moenggoeh tatangkalan aja : 1. rowa noe roepana tjara kalapa kawoeng, djambè. 2. tangkal tangkal ari gus ditoewar kaina dipakè kur-bahan imah atawa parabot imah atawa kapal tjara kai djati, rasamala, kai soeren. 3. tangkal tangkal anoe ngabidjilken gutah tjara tangkal kapoer-baroes tangkal rasamala. tangkal kajoe-poetih (di tanah Maloeka.)

4. Tangkal tangkal, ari tjaina sok dianggo pikun nulum kain-kain tjara tangkal kasoemba, tangkal tjangkoedoe, nila 5. Tangkal tangkal kembangan. 6. katjang, hoewi warna roepa. 7. tangkal-tangkal noe baroewahan.

§ 6.

Moenggoeh sato-sato nja mangpirang-pirang dui roepana djung lobana. 1 Sato luwung : gadjah, boeroewan (Soematra) mèong, tjaruh, bantèng, badak, 2. sato tjoo: sapi, moending, koeda, domba, 3. manoek-manoek, aja anoe haliber, aja anoe di darat, tjara hajam, aja anoe hariroep dina tjai, tjara meri, gangsa, 4. sato noe koemarajap saperti oraj , bajawak, tjaktjak, 5. Sato tjai, laoek, koeja, koera-koera, tripang, 6. Gegeremetan tjara njiroewan, patjet, hilud, simut, rinjoe. Anoe bunang ngali tina tanuh nja èta 1. Busi (Bornio, Soematra, Sèlèbes tebèh koelon) 2. Timah (Bliton djung Bangka) 3. Tamaga (Bornio, Soematra) 4. Aèr pèrak (Bornio, Soematra) 5. Emas (Bornio, Soematra, Sèlèbès) 6. Inten (Bornio) 7. Areng batce (Soematra, Sèlèbès, Bornio) 8. Walirang, sondawa, tewas, minjak tanah.